Curug tujuh cibolang di panjalu
Curug tujuh cobolang aya oge anu nyebut curug 7 panjalu naon bae anu enakna,
curug tujuh cibolang teh ayana di kacamatan panjalu anu persisna di desa sandingtaman
eta curug teh kunaon dinamian "Curug tujuh cibolang", kumargi aya tujuh curug di lokasi ieu, mung tempatna teu manjang kaluhur, cobi upami manjang kaluhur, wehh, siganamah endah kabina bina
curug tujuh cibolang teh dikelolana ku perum perhutani, nya ku perum perhutani dikenal namah nyaeta wana wisata curug tujuh cibolang
dimana wana hartosna leuweung sareng wisata hartosna kaulinan, jadi lamun di hijikeun wana wisata teh nyaeta leuweung anu dijadikeun tempat kaulinan,
tatangkalan anu aya di curug tujuh cibolang seseurna nyaeta tangkal pinus mun dina bahasa ilmiah nama tectona grandis
ari macam macam pinus teh aya dua
aya pinus merkusii sareng pinus insularis, bentena pinus merkusii sareng pinus insularis teh tina dauna, sok pilarian tah dina ua google
hanjakal mung hanjakal, eta curug tujuh cibolang teh kirang kanggo kaulinan, ngan ngoyok jeung ngoyok wae hayuh dina cai nepi ka mudigdig tiris,
kedah namah ya flying fox sareng permainan anu matak hate dag dig deg, da tempatcurug tujuh cibolang teh tos strategis, kantun ngelolana sing sae
Latest Posts
Categories:
Category:
curug tujuh ciamis,
curug tujuh cibolang,
Curug tujuh cibolang di panjalu,
curug tujuh panjalu
Abdi tos kungsi ka Curug Tujuh,pamandanganna endah kacida.Nuhun tos di publish tentang wisata alam yang menjanjikan dari daerah Ciamis Utara.Salam baktos kanggo Kang Guru Ade ti Papua.Tetap semangat,maju terus SAKA WANABAKTI KAWALI.Salam.